Minggu, 29 Mei 2011

Pupuh Maskumambang

Itu kusir bangun ambek-ambek teuing
Turun tina delman
Kuda dipecutan tarik
Teu aya pisan ras-rasan

Teu ngaraskeun bong kena ka sato laip
Padahal mogokna
Lantaran geus cape teuing
Hayang ngaso eureun heula

Coba lamun aya nu neunggeul ka kusir
Geus tangtu karasa
Nyeri moal salah deui
Sato ge kitu sarua

SEKAR TANDAK

Naha abong-abong teuing
Nasib abdi jadi hewan
Digawekeun beurang peuting
Dirangket taya ras-rasan

Abong kena abdi sato
Teu ngarasakeun nu cape
Sadidinten paeh poso
Mogok soteh awak lungse

Coba kusir mun dipeupeuh
Tangtu nyeri karasana
Sato oge tangtu leumpeu
Pada-pada boga rasa

Pupuh Pucung

Hayu batur urang diajar sing suhud
Ulah lalawora bisi engke henteu naek
Batur seuri urang sumegruk nalangsa

Naon-naon piwarangan bapa guru
Pigawe sing gancang omat ulah rek talangke
Piwurukna regepkeun ku sarerea

SEKAR TANDAK

Hayu batur urang diajar sing suhud
Ulah lalawora bisi engke henteu naek
Batur seuri urang sumegruk nalangsa

Hirup mencil embung ngahiji jeung batur
Eta goreng pisan moal aya gotong royong
Mending mana rea batur jeung nyorangan